Kamis, 15 Desember 2011

Darso - Kahayang keukeuh

Mimitina iseng
kureuseup ngaheureuyanna
Geugeut ka geulisna
Gereget kan bodina


Tina iseng kalah manteung
tina heureuy asup kana hate
tungtungna kuring bebeakan


Ngabelaan nganjuk ngahutang
mahugi hayang kapake
lindeuk - lindeuk japati
rek dicium mah hararese


Usaha anu can hasil
kaburu beakeun modalna
rek ngalamar teu boga duit


Kuring nu ngoleang
manehna kabandang batur
cinta nu kapakan
hate kuring kakalayangan


Kahayang teu kahontal
manehna kawin jeung batur
hate anu peurih
ceurik ceurik ku nalangsa


Duriat pageuh
kahayang keukeuh
ngalamun teu paruguh
nunggu randana


sumber : http://liriksunda.blogspot.com/2009/11/kahayang-keukeuh-darso.html#ixzz1gcHvP9zW

Tidak ada komentar:

Posting Komentar